podcast
details
.com
Print
Share
Look for any podcast host, guest or anyone
Search
Showing episodes and shows of
Podkes Kasundaan
Shows
POSUNDAN
Épisod 17: Pancakaki dina Basa Sunda
Basa Sunda miboga rupa-rupa istilah atawa kecap dina ngagambarkeun hubungan kulawarga atawa duduluran. Dina épisod ieu urang nalungtik naon waé istilah pancakaki atawa silsilah anu aya dina Basa Sunda.
2021-01-30
38 min
POSUNDAN
Épisod 16: Stéréotip Urang Sunda
Naha bener urang Sunda téh éléhan? Tapi ogé cenah mah Urang Sunda téh sok ngobrol kasar. Hayu urang ngabahas stéréotip urang Sunda di jaman kiwari.
2020-10-31
00 min
POSUNDAN
Épisod 15: Réaksi Lagu "Dina Manah" (Gégé Gumilar)
Baraya aya nu resep Pop Sunda? Aya ogé anu resep Pop Koréa atawa Jepang? Dina épisod ieu sadérék host baris nalungtik laguna kang Gégé Gumilar anu mangrupikeun salasahiji lagu Pop Sunda anu nuju gandrung di tatar internét.
2020-09-26
00 min
POSUNDAN
Épisod 14: KAJADIAN (KecAp anu JArang DIpaké AyeuNa) bagéan 3
Tos lami teu ngabahas kecap-kecap anu jarang dipaké di wanci ayeuna, urang ngabahas sababaraha kecap siga risbang, bancakan, bendu, maos, jeung sajabana
2020-08-29
39 min
POSUNDAN
Épisod 13: Basa Sunda di Jaman Kiwari | Disarengan ku: Pak Darpan (bagéan 2)
Ngalajengkeun tina episod 10, sawala sareng Bapak Darpan dina téma Kaayaan Basa Sunda di jaman kiwari jeung kumaha cara-cara ngamumulé jeung nglanggengkeun budaya daérah di Indonésia
2020-08-22
24 min
POSUNDAN
Épisod 12: GUNADI (paGUneman kamaNA-menDI) - Téma: Quarter Life Crisis
GUNADI deui, kamana-mendi deui, ayeuna mah para host anu kaleresan nuju meujeuhna sagala rupi karaos bade ngobrolkeun Quarter Life Crisis atawa krisis saparapat abad téa cenah ceuk Sunda mah.
2020-08-15
31 min
POSUNDAN
Épisod 11: NGAJURALIT (NGAwangkong JeUng baRAya atawa sobat daLIT) - Téma: Kahirupan Rumah Tangga | Disarengan ku: Sismi & Arsyad
Bénten sareng episod nu lian, di épisod ieu mah urang ngawangkong jeung baraya sobat host nyaéta Kang Arsyad & Teh Sismi dina téma kahirupan rumah tangga.
2020-08-08
37 min
POSUNDAN
Épisod 10: Basa Sunda di Jaman Kiwari | Disarengan ku: Pak Darpan (bagéan 1)
Di épisod ka sapuluh ieu saderek host kénging kasempetan kanggo diskusi sareng Bapa Darpan, Guru Basa Sunda SMAN 1 Garut anu ogé janten Ketua LBSS Bandung.
2020-08-01
34 min
POSUNDAN
Épisod 9: Kecap Basa Sunda anu Sarua jeung Basa Indonésia tapi Béda Hartina (bagéan 1)
Urang Sunda pasti bisa ngomong basa Indonésia ogé kusabab Tatar Sunda geus ngahiji jadi bagéan tina Nagara Indonésia. Tapi Basa Sunda na sorangan téh geus wedal jauh saacan Basa Indonésia dijadikeun basa nasional. Matak wajar lamun aya sababaraha kecap di Basa Sunda anu sarua jeung kecap di Basa Indonésia tapi miboga harti anu béda. Hayu urang bahas sababaraha conto kecapna.
2020-07-25
31 min
POSUNDAN
Épisod 8: GUNADI (paGUneman kamaNA-menDI) - Téma: Kalangenan/Lalajo
Balik deui ka ségmén GUNADI, ayeuna urang ngabahas kalangenan (hobi). Kabeneran host Posundan boga kalangenan nu sarua nyaéta lalajo film & drama Jepang jeung Koréa, baraya Posundan aya ogé teu anu miboga kalangenan nu sarua?
2020-07-18
41 min
POSUNDAN
Épisod 7: BATURANS (BudayA piTUin uRANg Sunda) bagéan 1
Nyaritakeun Urang Sunda pasti moal jauh tina nyaritakeun kabiasanana dina pakawulan sapopoé, boh tina cara ngomong jeung basana. Naon waé atuh cenah kabiasaan Urang Sunda téh? Hayu bahas dina ségmén nu anyar ieu.
2020-07-11
36 min
POSUNDAN
Épisod 6: GUNADI (paGUneman kamaNA-menDI) - Téma: Adaptasi
Di épisod ieu mah urang ngawangkong bari nyawang ka tukang di jaman para host sarakola kénéh, nostalgia téa meureun ceuk basa gaul na mah. Ti mimiti ngeunaan pakawulan barudak jaman baheula, adaptasi kana lingkungan anyar, nepi ka kaayaan sosial kiwari jeung laku lampah barudak ayeuna di jaman média sosial.
2020-07-04
39 min
POSUNDAN
Épisod 5: KAJADIAN (KecAp anu JArang DIpaké AyeuNa) bagéan 2
Dina épisod anu ka-lima ieu urang tuluykeun deui ségmen KAJADIAN (KecAp anu JArang DIpaké AyeuNa), aya kecap-kecap ngeunaan bagéan awak, bagéan imah, pasipatan, jeung sajabana.
2020-06-27
41 min
POSUNDAN
Épisod 4: Kaunikan Aksara Vokal dina Basa Sunda
Naon béda na é, e, jeung eu? Naha bet bisa pahili waé dina paguneman sapopoé? Di épisod ka opat ieu hayu urang talungtik salahsahiji kaunikan Basa Sunda ieu.
2020-06-20
27 min
POSUNDAN
Épisod 3: Musik Sunda (Disarengan ku: Hamzah BK)
Naon musik Sunda téh? Siga kumaha rupana? Naon béda na jeung musik nu lian? Hayu urang bahas musik Sunda, asal-usulna, ciri-cirina, jeung kumaha kamekaran musik Sunda di Tatar Sunda ayeuna, disarengan ku kang Hamzah (Alumni Seni Musik UPI).
2020-06-13
41 min
POSUNDAN
Épisod 2: KAJADIAN (KecAp nu JArang DIpaké AyeuNa) bagéan 1
Dina episode kadua ieu urang ngabahas kecap-kecap anu ayeuna karasana jarang dipaké ku masarakat Sunda, utamana anu aya di tengah kota dina ségmén nu diaranan KAJADIAN (KecAp nu JArang DIpaké AyeuNa) anu bakal dibagi kana sababaraha bagéan.
2020-06-06
34 min
POSUNDAN
Épisod 1: Bubuka
Nepangkeun! Dina episode anu kahiji ieu urang wawanohan heula jeung saha wae anu aya di Posundan ieu.
2020-05-29
32 min